MARI BERSAMA BELAJAR BERSAMA KAMI

MARI BERSAMA BELAJAR BERSAMA KAMI

SELAMAT DATANG

SELAMATA DATANG DI HALAMAN SMA ISLAM TEJA BUANA
SMA ISLAM TEJA BUANA MAJU BERSAMA HEBAT SEMUA
NYAMEN TUR NYAKOLA ITULAH SELOGAN KAMI SMA ISLAM TEJA BUANA

PEROSES PEMBELAJARAN

Kamis, 25 Maret 2021

KHUTBAH IDUL FITRI 2020 M 1441 H SMA ISLAM TEJA BUANA


KHUTBAH KAHIJI

الله أكبر    الله أكبر    الله أكبر   الله أكبر    الله أكبر   الله أكبر   الله أكبر   الله أكبر   الله أكبر   لا اله الا الله  و الله اكبر  الله  اكبر  ولله الحمد
الله أكبر كبيرا والحمد لله كثيرا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَّأَصِيْلاً لآإِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَه، صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزَّجُنْدَهُ وَهَزَمَ الأَحْزَابَ وَحْدَهُ لآإِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَلاَ نَعْبُدُ إِلاَّ إِيَّاهُ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْنُ وَلَوْ كَرِهَ الْكَافِرُوْنَ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُوْنَ وَلَوْ كَرِهَ الْمُنَافِقُوْنَ.
 الْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ جَعَلَ رَمَضَانَ شَهْرَ الصِّيَامِ لِلْمُؤْمِنِيْنَ, وَجَعَلَ عِيْدَ الْفِطْرِ ضِيَافَةً لِلصَّائِمِيْنَ وَفَرْحَةً لِلْمُتَّقِيْنَ، 
أَشْهَدُ أَنْ لآإِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِ الأَمِيْن، 
اللهم فَصَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ آلهِ وَأَصْحَابِ الْكِرَامِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا، أَمَّا بَعْدُ: فَيَاعِبَادَ اللهِ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْن.
قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي القُرْآنِ الكَرِيْم , اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْم  بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَٰنِ الرَّحِيمِ
وَلَوْ أَنَّ أَهْلَ الْقُرَىٰ آمَنُوا وَاتَّقَوْا لَفَتَحْنَا عَلَيْهِمْ بَرَكَاتٍ مِنَ السَّمَاءِ وَالْأَرْضِ وَلَٰكِنْ كَذَّبُوا فَأَخَذْنَاهُمْ بِمَا كَانُوا يَكْسِبُونَ ﴿الأعراف: ٩٦﴾
Hadirin sidang Idul Fitri rohimakumulloh !
Sukur anu saéstu urang haturkeun ka Dzat anu Mahaagung,  
sukur anu dibarung ku rasa rumasa tur tumarima, anu kaluar tina manah anu sétra, bijil tina gallih anu wening, tina sadaya ni’mat anu parantos dipasihkeun ka urang sadaya anu hamo kaitung jumlahna; hirup katut huripna séhat lan apiatna. 
Kalayan hidayah katut taupikNa, alhamdulillah urang sadaya mampuh nekanan paréntah Anjeunna, ibadah saum sasasih lamina. Mudah-mudahan sagala rupi amal ibadah anu ku urang dilakonan ditampi ku Nu Mahasuci, turta urang sadaya mampuh metik hasil, ngala buah tina saum nu Kamari nyaéta nyandang pakéan takwa dina jiwa urang séwang-séwangan. Luyu sareng hikmah diparéntahkeunana puasa. Sakumaha dawuh Allah dina Al Quran, Surat Al Baqoroh ayat 183 :
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ ﴿١٨٣﴾
 Yeuh jalma-jalma anu airman ! Geus diwajibkeun ka maranéh puasa sakumaha anu geus diwajibkeun ka jalma-jalma saméméh maranéh, sangkan maranéh jadi jalma anu tarakwa.
Maké pakéan anyar dina poé lebaran tos ilahar ti baheula jadi tradisi ti bihari malah aya tina sunnahna. Maké pakéan weuteuh dina poé lebaran mibanda rupa-rupa hikmah tina sababaraha segi, tapi disagédéngeun éta aya siloka bahan lenyepaneun. Nyaéta, di sagédéngeun pakéan lahir anu weuteuh téh kudu dibarengan ku weuteuh jeung gindingna pakéan batin nyaéta takwa. Sabab takwa ngarupakeun  pakéan anu panghadé-hadéna  sakumaha dawuh Allah dina Surat Al ‘Arof ayat 26 :
يَا بَنِي آدَمَ قَدْ أَنْزَلْنَا عَلَيْكُمْ لِبَاسًا يُوَارِي سَوْآتِكُمْ وَرِيشًا وَلِبَاسُ التَّقْوَىٰ ذَٰلِكَ خَيْرٌ ذَٰلِكَ مِنْ آيَاتِ اللَّهِ لَعَلَّهُمْ يَذَّكَّرُونَ ﴿الأعراف: ٢٦﴾
Yeuh Bani Adam ! Saenyana kami geus nurunkeun pakéan ka maranéh pikeun nutupan orat maranéh jeung pikeun papaés. Tapi nya pakéan takwa anu panghadé-hadéna mah. Éta téh ti antara ayat-ayat Allah supaya maranéhna aréling.
الله اكبر  الله  اكبر  ولله الحمد الله اكبر 
Hadirin sidang Idul Fitri rohimakumulloh !
Katakwaan perlu diwangun dina diri masing-masing sahingga ngawujud jadi watek anu nyurup ngabaju ngaraga sukma dina jiwa urang salaku jalma anu iman, jadi ciri anu mandiri pikeun pribadi anu muslim. 
Nalika takwa tos jadi watek/karakter boh dina kahiruipan pribadi, kulawarga, hirup kumbuh masarakat, bangsa katut nagara, tangtu karaharjaan hirup dunya ahérat bakal kahontal ku urang sadayana, sabab iman jeung takwa ngarupakeun syarat utama pikeun ngahontal karaharjaan jeung kabagjaan hirup. Allah Swt ngunggelkeun dina surat Al ‘Arof ayat 96 :
وَلَوْ أَنَّ أَهْلَ الْقُرَىٰ آمَنُوا وَاتَّقَوْا لَفَتَحْنَا عَلَيْهِمْ بَرَكَاتٍ مِنَ السَّمَاءِ وَالْأَرْضِ وَلَٰكِنْ كَذَّبُوا فَأَخَذْنَاهُمْ بِمَا كَانُوا يَكْسِبُونَ ﴿٩٦﴾ 
Cacakan lamun pangeusi nagri ariman jeung tarakwa pasti ku kami dibukakeun pikeun maranéhna barokah ti langit jeung ti bumi. Tapi maranéhna ngabohongkeun nya maranéhna ku kami disiksa alatan naon rupa anu ku maranéhna dipilampah.

الله اكبر  الله  اكبر  ولله الحمد الله اكبر 
Hadirin sidang Idul Fitri rohimakumulloh !
Karaharjaan hirup anu ku urang sadayana dipiharep teu acan tiasa kahontal. Gemah ripah loh jinawi, sepi paling lowong rampog nembé aya dina babasaan. Buktosna, seueur kénéh wargi-wargi urang anu hirup sarwa kakurangan. Numutkeun data BPS akhir tahun 2019 rahayat miskin di Indonésia dugi ka  9,22 % jumlahna sekitar 24,9 juta jiwa.  Eukeur mah kaayaan anu sarupa kitu, katurug-katutuh deuih ku seueurna kajadian bencana alam saperti banjir, urug, lini ditambah ku sasalad panyakit COVID 19 anu ngalumpuhkeun sagala aktivitas.
Kondisi ékonomi nu beuki walurat ngabalukarkeun pasualan-pasualan dina widang sosial utamana katartiban jeung kaamanan. Sakumaha anu ku urang kasaksén, tindakan kajahatan beuki meuweuh kajadian di mana-mana. Kayaning copét, jambret, maling nepi ka badog jeung rampog anu wani nelasan pati. 
Mémang kondisi sarupa kieu karasa asa ironis, tojaiyah lamun seug dikaitkeun jeung kondisi alam urang anu subur, sumber daya alamna ngaleuya tur pangeusi nagrina mayoritas umat Islam. Tapi teu matak héran upama ditingali tina ajaran Islam mah. Da teu aya hiji ayat ogé dina Al Quran anu ngaitkeun antara kasuburan tur kabeungharan kakayaan alam sareng kamakmuran atawa karaharjaan hirup masarakatna. Hartina nagri anu tanahna subur, sumber daya alamna ngaleuya can tangtu rahayatna makmur. Malah kasuburan bisa jadi mamala nalika teu dibarengan ku syukuran kana ni’mat ti Pangéran ku jalan ngalaksanankeun katakwaan sakumaha mistina. Mangga urang lenyepan dawuh Allah dina Al Quran Surat An Nahl ayat 112 :
وَضَرَبَ اللَّهُ مَثَلًا قَرْيَةً كَانَتْ آمِنَةً مُطْمَئِنَّةً يَأْتِيهَا رِزْقُهَا رَغَدًا مِنْ كُلِّ مَكَانٍ فَكَفَرَتْ بِأَنْعُمِ اللَّهِ فَأَذَاقَهَا اللَّهُ لِبَاسَ الْجُوعِ وَالْخَوْفِ بِمَا كَانُوا يَصْنَعُونَ ﴿النحل: ١١٢﴾
Jeung Allah ngadamel misil hiji nagri anu aman turta tengtrem, rejekina tamplok ka maranéhna ti saban tempat, tapi kalupur tina ni’mat allah; ku kituna allah nibankeun kalaparan jeung kasieun ka maranéhna lantaran naon rupa anu salawasna ku maranéhna dilampahkeun.

 الله اكبر  الله  اكبر  ولله الحمد الله اكبر 
Hadirin sidang Idul Fitri rohimakumulloh !
Saleresna kamakmuran tur karaharjaan hirup bisa kahontal ngalangkungan upaya ngawangun budaya tur tingkah laku anu saé dina hirup kumbuh masarakat anu didadasaran ku kaimanan sareng katakwaan. Saperti sikep jujur, silih bantu jeung silih tulungan (ta’awun), daék méré mawéh ka sasama, tur gawé rancagé.
Nilai-nilai katakwaan kacida pisan ageung hubunganana sareng tumuwuhna karaharjaan jeung kamakmuran, buktosna nagri Madinah anu diwangun ku Rosulullah Saw. anu asalna Yatsrib. Sateuacan diwangun ku Rosulullah, Yatsrib ngarupakeun hiji nagri anu katinggaleun, masarakatna teu eureun papaséaan utamana Kabilah Aus jeung Kabilah Khojroj. Saparantos Rosulullah hijrah, éta nagri diganti namina jadi Madinah anu diwangun dumasar kana nilai-nilai tauhid jeung katakwaan. Kaum muhajirin anu parantos nampi gembléngan Rosulullah salami 13 tahun di Mekah mibanda kapengkuhan iman taya tanding sahingga mampuh jadi pelopor pikeun meraktékkeun nilai-nilai katakwaan sasarengan sareng kaum anshor. Sahingga prilaku-prilaku positif anu ngarupakeun impleméntasi kaimanan tumuwuh subur dina kahirupan masarakat Madinah. Boh anu patali jeung ibadah, urusan sosial, ékonomi, kaamanan jeung katartiban dugi ka urusan kabersihan lingkungan.
Sahingga Yatsrib salin jinis jadi Madinah, hiji nagri anu pinilih sepi paling towong rampog gemah ripah répéh rapih picontoeun nagri-nagri séjénna anu miharep karaharjaan. Numutkeun panalungtikan sajarah, can aya jeung moal aya deui karaharjaaan hirup sajati saperti kahirupan Madinah di jaman Nabi. Hal ieu ogé diunggelkeun ku Allah Swt dina Al Quran surat Ali Imron ayat 110 :
كُنْتُمْ خَيْرَ أُمَّةٍ أُخْرِجَتْ لِلنَّاسِ تَأْمُرُونَ بِالْمَعْرُوفِ وَتَنْهَوْنَ عَنِ الْمُنْكَرِ وَتُؤْمِنُونَ بِاللَّهِ ۗ وَلَوْ آمَنَ أَهْلُ الْكِتَابِ لَكَانَ خَيْرًا لَهُمْ ۚ مِنْهُمُ الْمُؤْمِنُونَ وَأَكْثَرُهُمُ الْفَاسِقُونَ ﴿١١٠﴾
Aranjeun téh panghadé-hadéna umat anu dilahirkeun pikeun manusa, aranjeun naritah kana kahadéan jeung ngalarang tina kagoréngan sarta aranjeun airman ka allah. Cacakan lamun ahli kitab airman mah, tangtu hadé pisan pikeun maranéhna. Ti antara maranéhna aya anu airman, tapi kalolobaanana mah anu parasék.

Nalika hirup kumbuh masarakat tos teu didadasaran ku katauhidan ka Allah swt sareng nilai-nilai katakwaan komo jeung apilain kana pituduh Allah mah, pasti bakal pinanggih jeung kahirupan anu sumpeg. Hasil tani leungit pangaji, ladang dagang ilang barokah. Hirup dirungrum ku rupa-rupa pasualan taya sudana anu hésé ngungkulannana. Sakumaha dawuh Allah dina Surat Toha ayat ayat 124 :
وَمَنْ أَعْرَضَ عَنْ ذِكْرِي فَإِنَّ لَهُ مَعِيشَةً ضَنْكًا وَنَحْشُرُهُ يَوْمَ الْقِيَامَةِ أَعْمَىٰ ﴿١٢٤﴾ Jeung sing saha anu ngabalieur tina pépéling kami (Al Quran) nya pikeun manéhna kahirupan anu sumpeg jeung ku kami bakal dikumpulkeun dina kaayaan lolong.


الله اكبر  الله  اكبر  ولله الحمد الله اكبر 
Hadirin sidang Idul Fitri rohimakumulloh !
Ngalangkungan khutbah ieu sim kuring umajak, hayu urang sasarengan nerapkeun nilai-nilai katakwaan dina kahirupan sadidinten. Widang ibadah, hayu urang makmurkeun masjid ku berjamaah sholat sareng pangajian. Widang sosial, urang tingkatkeun kapekaan sosial ku jalan silih bantu silih rojong, gawé rancagé ngaronjatkeun ajén hirup boh dina widang ékonomi, kaamanan, kaséhatan sareng kabersihan lingkungan. Margi éta sadaya ngarupakeun ajaran islam anu kedah diwujudkeun dina kahirupan anu nyata.
Mudah-mudahan ibadah urang salami Ramadhan aya dina panampian Alloh Swt, turta ibadah Ramadhan kamari tiasa ngawarnaan sabelas bulan nu bakal kasorang. Tur urang ditepangkeun deui sareng Ramadhan tahun payun kalayan aya dina pituduh sareng pitulung Allah ‘Azza Wajalla. Amiin.
Sakitu khutbah awal nu tiasa kapihatur, sih hapunten anu kasuhun tina sanés kanten kakirangannana.

جعلنا الله وإياكم من العائدين والفائزين المقبولين، وَأدْخَلَنَا وَإِيَّاكُمْ فيِ زُمْرَةِ الْمُوَحِّدِيْنَ وَبارك لنا فى القرآن العظيم ونفعنا بما فيه من الآيات والذكر الحكيم، إنه هو البر الرؤوف الرحيم،







KHUTBAH KADUA


الله أكبر ×٧ الله أكبر كبيرا والحمد لله كثيرا وسبحان الله بكرة وأصيلا لاإله إلا الله والله أكبر ولله الحمد.
اللَّهُمَّ لَكَ الْحَمْدُ كُلُّهُ وَلَكَ الشُّكْرُ كُلُّهُ وَإِلَيْكَ يَرْجِعُ اْلأَمْرُ كُلُّهُ عَلاَ نِيتُهُ وَسِرُّهُ، فأهلٌ أَنْتَ أَنْ تُحْمَدَ، وَأَهْلٌ أَنْتَ أَنْ تُعبَدَ، وَأَنْتَ عَليَ كُلِّ شَيْئٍ قَدِيْرٌ. اللهم لَكَ الْحَمْدُ حَتَّي تَرْضَي، وَلَكَ الْحَمْدُ إِذاَ رَضِيْتَ وَلَكَ الْحَمْدُ بَعْدَ الرِّضاَ
أشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له وأشهد أن سيدنا محمدا عبده ورسوله الدَّاعِي إِلَى رِضْواَنِهِ. اللهم صل على عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِناَ وَشَفِيْعِناَ وَمَوْلاَناَ مُحَمَّدٍ وَعَلىَ آلِهِ وَأَصْحاَبِهِ وَسَلَّمَ تَسْلِيْماً كَثِيْرًا.
أما بعد: فيا أيها الناس اتقواالله فِيْماَ أَمَرَ وَانْتَهَوْا فِيْماَ نَهَى وَزَجَر، وَاعْلَمُوْا أَنَّ الله أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَنَّى بملائكته بقوله عَزَّ مِنْ قَائِل: إن الله وملائكته يصلون على النبي، ياأيها الذين آمنوا صلوا عليه وسلموا تسليما.
اللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى أنبيائك ورسلك وملائكتك المقربين، وارض اللهم عن الخلفاء الراشدين المُهْدِيِّيْنَ: أبي بكر وعمر وعثمان و علي وعن بقية الصحابة والتابعين وتابعي التابعين لهم بإحسان إلى يوم الدين وَارْضَ عَناَّ مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ ياَ أَرْحَمَ الراَّحِمِيْنَ.
اللهم اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِناَتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِماَتِ اْلأَحْياَءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْواَتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَواَتِ ياَ قاَضِيَ الْحاَجاَتِ 
اللهم انْصُرْ مَنْ نصر دِيْنَ مُحمدٍ واخْذُلْ مَنْ خَذَلَ دِيْنَهُ، اللهم انْصُرِ الإِسْلاَمَ والمسلمين وأَهْلِكِ الكَفَرَةَ والظالمين، اللهم اعْصِمْناَ وَاحْفَظْناَ مِنْ جَمِيْعِ الْفِتَنِ وَعاَفِناَ وَسَلِّمْناَ مِنَ الْبَلاَياَ وَالْمِحَنَ وَالْوَباَءَ وَالْفَحْشاَءَ وَالْمُنْكَرَ وَالْبَغْيَ وَالسُّيُوْفَ الْمُخْتَلِفَةَ وَالشَّداَئِدَ ماَ ظَهَرَ مِنْهاَ وَماَ بَطَنَ مِنْ بَلَدِناَ هٰذاَ إِنْدُونيسية خاَصَةْ وَمِنْ بُلْداَنِ المسلمين عاَمَة ياَ ذاَالجلال والإكرام بِحُرْمة وَجْهِكَ الكريم أَعْطِنا صِحَّةً فِي التَّقْوَي وَطُولَ عُمْرٍ في حُسنِ عَمَلٍ وسعةِ رزقٍ ولا تُعَذّبنا عليه إنّك علي كل شيئ قدير 
ربنا اغفر لنا ولإخواننا الذين سبقونا بالإيمان ولا تجعل في قلوبنا غلا للذين آمنوا ربنا إنك رؤوف رحيم
عباد الله إن الله يأمر بالعدل والإحسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفخشاء والمنكر والبغي يعظكم لعلكم تذكرون فاذكروا الله يذكركم واشكروه علي نعمه يزدكم واسألوه من فضله يعطكم ولذكر الله أعز وأعظم وأكبر استغفر الله لي و لكم انه هو الغفور الرحيم.

-- Tombol share media sosial -->

0 Comments:

Posting Komentar